buatlah pidato perpisqhan bahasa sunda beserta artinya
B. Daerah
rifay4
Pertanyaan
buatlah pidato perpisqhan bahasa sunda beserta artinya
2 Jawaban
-
1. Jawaban Fatir233
asalammualaikum WR.WB
pahartosan ka sadaya babaturan abdi sadaya urang sakedap deui bade perpisahan kelas.upami abdi gaduh salah ka sadaya babaturan sareung ka sadaya guru abdi tina acara perpisahan ieu teh mugi-mugi urang tiasa inget ka sakola ieu tempat urang ngala elmu.
Wasalammualaikum WR.WB
ARTINYA:
Prhatian kepada seluruh teman teman saya semua kita sebentar lagi akan berpisah(menuju sekolah berikutnya).kalau saya ada salah kepada semua teman teman serta ibu,bapa guru saya.dari acara perpiasahan ini mudah mudahan kita tidak melupakan sekolah tempat kita memimba ilmu(belajar)
MAAF YA KALAU JELEK -
2. Jawaban nismawatibatuba
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
ALHAMDU LILLAHI, RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ‘ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.
Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung …………………. Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna. Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah serta bapa-ibu guru sadayana.
Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina ngadidik,ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawekalan, sahingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun. Sajabi ti eta simkurin’g oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring’ sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuringydiajar di sakola ieu, sehingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.
Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos a’bot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari simkuring. Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudahmudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganaNa.
Margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seueurna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya perilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.
Akhirna kalawan parasaan abot pikeun ngantunkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeunnana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal citacita simkuring sadaya. Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh