B. Daerah

Pertanyaan

sajak mah kaasup wangun puisi bebas naon sababna

1 Jawaban

  • Sajak kaasup wangun puisi bebas sabab sajak mah henteu kauger atawa henteu kaiket ku aturan. Dititilk tina wangun rumpakana aya dua rupa wangun puisi Sunda, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda nu teu kaiket ku aturan, salian ti sajak, nyaeta saperti mantra jeung pupujian.

    Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Salian ti guru wilangan jeung guru lagu, unggal pupuh oge miboga watek anu beda-beda.

    Kusabab kitu, anu dimaksud yen sajak teh henteu kaiket ku aturan nyaeta sajak henteu kaiket ku aturan saperti nu aya dina pupuh nyaeta guru wilangan, guru lagu jeung watek.


    Belajar lebih banyak tentang "Sajak" dalam bahasa Sunda di :

    https://brainly.co.id/tugas/2032672

    https://brainly.co.id/tugas/1716010

    https://brainly.co.id/tugas/4143651


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak

    Kelas : VII (1 SMP)

    Kata Kunci : Sajak, henteu kaiket ku aturan

Pertanyaan Lainnya