Bahasa lain

Pertanyaan

apa itu sajak sunda!? kasih contohnya 10 yah :(

1 Jawaban

  • 01. Hapunten


    Nyalindung ka nu Maha Agung 

    Jenengan Allah nu Maha Murah 

    Bismillah supaya teu salah 

    Teu kaliwat nganggo solawat 


    Ka Kakasih nu dipiasih 

    Kanjeng Nabi solallohu alaihi wasalam  

    Teu hilap nyebat ka para sahabat 


    Teu lali ka ahlul bait 

    Oge sumuhun ka para karuhun 

    Ka indung nu dijungjung 


    Ka bapa nu ngayuga  

    Neda dihapunten ka sadayana 

    Bilih aya lepat ucap 

    Neda widi ka sadayana 

    Abdi bade ngukir kecap



    02. Rohang Kakuatan 


    Mun ceuk Kami aya 

    Mangka Hyang Rahman nyumponan 

    Elmuning Hyang Widi jembar 


    Ti mangsa ajali 

    Sipat kahiji Pangeran 

    Ngamparkeun kanyaahNa 

    Ngajembarkeun kawelas asih 


    Pikeun putra-putraNa 

    Jeung kakasih-kakasihNa  

    Nu ageng nu kagungan 

    Papasten, mohal katampik    



    03. Cinta Salawasna


    Deuh, 

    Kadeudeuh. 

    Tina hiji wilangan 

    Saheulaanan keur dunya 


    Hakekatna kanggo salamina 

    Dipaparinkeun ka kami sawareh, 

    Sawareh alit pikeun pitrah suci jalmi 


    Rumingkang, 

    Rumingkang di bumi alam 

    Saliwat mapay-mapay dunya 


    Katingal sipatna Allah nu asihna 

    Dina napsi-napsi jalmi, kagungan hate 

    Hate suci pinilih, silih asih suka tulungan     



    04. Masagi


    Hurip geus jadi 

    Hirup geus tangtu 

    Agama jadi darma 

    Dunya tempat ihtiar  


    Laku lampah alam 

    Ku opat kahirupan 

    Geus jeneng aturan 

    Ti Gusti Kahuripan




    05. Wuku Widi Wiku  


    Nincak kana munggaran 

    Mangsi saban saban waktu 

    Gagambaran na rohang papasten 


    Tina saban saban nu usik 

    Parat ngaleuwihan jarak 

    Parat ngaleuwihan rohang 


    Parat teu mental waktu 

    Mukukeun rupi-rupi 

    Di eusi weruh 

    Saalitna dipasihkeun 



    06. Nol


    Anjeun nu sumebar  

    Di langit tug bumi 

    Anjeun nu teu kasampak 

    Iwal anu kabuka hijabna 


    Anjeun nu ngawujud 

    Dina euweuhna 

    Anjeun teu katingali 

    Keur kakalayangan 


    Anjeun nu leungit 

    Dina kapendakna  

    Elmu weruh ti nu teu sapira 

    Teu sapira nu nuduhkeun elmu weruh 



    07. Peteng


    Kuring cikalna 

    Mangka kuring nu dipikasieun  

    Kuring bungsuna 


    Tangtu kuring dipikaijid  

    Kuring panengahna 

    Jadi papait-mamanisna dunya 



    08. Teu wujud


    Poek Mongkleng  

    Bet naha salira teh teu aya? 

    Apan kuring teh aya! 

    Ah, da salira mah teu sapira 

    Saenyana mah kuring teh pangkuatna!  


    Ngawujud keur teu wujud 

    Teu wujud keur karasa 

    Aya dina euweuhna 


    Leungit dina ayana  

    Moal eleh ku jaman, 

    Di mana-mana aya 

    Moal bisa diparat    


    09. Demi Wanci


    Demi wanci, 

    Saestuna, 

    Sadaya makhluk tunduk  

    Demi wanci, 

    Saestuna, 


    Kami mah moal mundur 

    Saeutik-eutik acan  

    Demi wanci, 


    Kami mah moal tunduk 

    Iwal ka Gusti 

    Jeung saha-saha 

    Nu mipit mangpaat 

    Kanggo nu mangpaat 



    10. Saksi

      

    Saksi Sagala Jaman 

    Laku lampah dugi binasa 

    Hirupna kuring 


    Hirupna sakabeh mahluk 

    Kuring paeh 

    Mahluk paraeh  

    Kuring boga kawasa 


    Keur maraneh nu hirup 

    jeung nu paeh 

    Pikeun mawa maraneh 

    Tapi moal sakali-kali 


    Kuring ngaping maraneh  

    Da kuring mah ngan ukur 

    Jadi saksi sagala paripolah 

    Maraneh 



    semoga membantu:)

Pertanyaan Lainnya