naon anu disebut informasi? jawaban nya pakai bahasa sunda ya
Pertanyaan
jawaban nya pakai bahasa sunda ya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Informasi nyaeta hasil tina kagiatan mangrupa pangumpulan, pamrosesan, manipulasi sarta pangaturan data ku cara anu bisa nambahan pangaweruh ka anu narima eta pangolahan data. Salahsahiji kagunaan tina informasi nyaeta pikeun dijadikeun warta. Warta nyaeta beja atawa informasi anu dumasar kana kajadian anu bener bener nyata. Jadi informasi nu aya dina warta mangrupa informasi anu faktual.
Pembahasan
Pikeun ngahasilkeun informasi anu bisa nambahan pangaweruh ka nau narima eta informasi biasa dilakukeun manipulasi data anu aya. Istilah manipulasi data teh henteu salilana miboga harti konotasi anu goreng atawa salah, tapi anu dimaksud manipulasi data teh nyaeta nambah, ngurangan atawa ngarobah data nu aya sangkan eta data teh bisa jadi informasi anu aya gunana pikeun anu narima informasi.
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu disebut warta https://brainly.co.id/tugas/4565352
- Ciri-ciri warta https://brainly.co.id/tugas/1697045
- Fungsi warta https://brainly.co.id/tugas/15935731
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Warta
Bab : 2
Kode : 8.13.2
Kata Kunci : Informasi nyaeta